Biantara Basa Sunda

Wasta : Bandung Surya P.
Kelas   : X-IPS1

Biantara Basa Sunda
Ngawujudkeun cita-cita
Assalamu’alaikum warrahmatullahi wabarakatu
Bismillahirahmanirahim
Asshaduallailahaillalah waashaduanna muhammadar rosulullah ama badu
Tipayun mangga urang sami-sami panjatkeun puji sareng syukur kahadirat Allah SWT. Nu mana dina kasempatan ieu urang sadaya tiasa ngumpul dina kaayaan sehat wal’afiat.
                Shalawat miwah salam mugi tetep dilimpahkeun ka jungjungan urang sadata Nabi Muhammad SAW, teu hilap ka kulawargana, sahabatna, oge ka urang sadaya salaku umatna anu Insya Allah taat kana ajarannana, Amin ya robbal alamin
Hadirin sadaya anu ku simkuring dipihormat, nuhunkeun waktosna kanggo abdi anu bade mereskeun tugas biantara di bapak guru di ku simkuring dipihormat.
Henteu karaos parantos sapuluh taun urang ayeuna sakola teh. Nu mana ayeuna the arurang tos SMA tos bakal jadi pibener, di mana moal olo-olo deui ka kolot, nu inti na mah kudu geus dewasa.
Hadirin sadaya, kudu hadirin terang lamun di SMA teh puncakna sakola wajib di Indonesia kusabab ayeuna mah di Indonesia tos kudu sakola wajib 12 taun, jadi urang sadaya ayeuna kudu bener-bener bisa diajar, meh engkena bisa nuluykeun sakola deui ka anu leuwih luhur jeung bisa ngawujudkeun cita-cita urang sadaya
Hadirin nu ku simkuring dipihormat, pasti sadaya nu aya di dieu gaduh cita-cita engke tos beres sakola rek kumaha. Tapi aya oge anu can apal tujuan hirupna engke bakal kumaha. Tah anu teu apal kitu mah, kudu di pikirkeun ti ayeuna keneh, bisi engke na hirup sangsara kusabab teu boga tujuan hirup. Yuk ayeuna mah nu can apal tujuan hirupna urang teang ke urang the rek kumaha, tapi inget tujuan hirup teh kudu sesuai jeung bakat atawa hobi urang, kusabab lamun henteu sesuai jeung eta hirup urang moal tenang bakal rarungsing teu puguh. Jadi sakali deui jalani hirup sesuai bakat jeung hobi urang ayeuna meh tenang engkena.
Hadirin sadaya, mung sakitu nu tiasa simkuring sampeikeun, hapunten bilih aya kalepatan

Wabilahi taufik wal hidayah, wassalamu’alaikum warrahmatulahi wabarakatu

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Chord Gitar: D'Bagindas - Sayang

Chord Gitar: Terry - Harusnya Kau Pilih Aku

Chord Gitar: D’Bagindas – Hidup Tapi Mati